Watek pupuh lambang nya eta...
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Watek pupuh lambang nyaeta ngagambarkeun banyol atawa heureuy, tapi banyol atawa heureuy anu ngandung hal-hal anu kudu dipikirkeun. Pupuh teh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Puisi Sunda anu biasa ngagunakeun patokan pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan.
Pembahasan
Aya 17 rupa pupuh anu dikelompokkeun jadi dua kelompok, nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh biasa ditepikeun ku dihaleuangkeun ngagunakeun sawatar rupa tembang. Kusabab kitu, pupuh sok disebut oge tembang.
Pupuh nu aya dina Sekar Ageung biasa dihaleuangkeun ngagunakeun leuwih ti sarupa tembang. Sedengkeun pupuh nu aya dina Sekar Alit biasa dihaleuangkeun ngagunakeun ngan sarupa tembang. Wawacan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung. Sedengkeun guguritan biasa ngagunakeun pupuh nu aya dina Sekar Ageung atawa Sekar Alit.
Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda nyaeta puisi nu eusina mangrupa carita jeung puisi nu eusina henteu mangrupa carita. Wawacan kaasup kana puisi Sunda nu eusina mangrupa carita. Sedengkeun guguritan kaasup kana puisi Sunda nu eusina henteu mangrupa carita.
Salian ti watek, dina pupuh oge aya aturan atawa patokan anu disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh.
Pelajari lebih lanjut
- Macam-macam pupuh https://brainly.co.id/tugas/1060670
- Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
- Unsur intrinsik pupuh https://brainly.co.id/tugas/2370478
__________
Detil Jawaban
Kelas : IV
Mapel : Bahasa Sunda - Komunikasi Dina Pakumbuhan
Bab : 8
Kode : 4.13.1
Kata Kunci : Pupuh, puisi Sunda