Jieun conto wawangsalan nu wangsalna...!!! a) Bahasa Sunda b) Bahasa Jawa c) Bekasi
B. Daerah
JesonButuhBantuan
Pertanyaan
Jieun conto wawangsalan nu wangsalna...!!!
a) Bahasa Sunda
b) Bahasa Jawa
c) Bekasi
a) Bahasa Sunda
b) Bahasa Jawa
c) Bekasi
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sisindiran
Kelas : X (1 SMA)
Pembahasan :
Wawangsalan nyaeta salahsahiji rupa sisindiran. Umpama dina sastra Indonesia, sisindiran wangunna sarua jeung pantun. Sisindiran mangrupa salahsahiji rupa karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita.
Conto puisi Sunda anu eusina mangrupa crita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti sisindiran, sajak, guguritan, mantra jeung pupujian. Jadi, dina sastra Sunda oge aya puisi anu disebut carita pantun. Tapi, saperti dijentrekeun di luhur, carita pantun beda jeung sisindiran atawa pantun anu aya dina sastra Indonesia.
Aya tilu rupa sisindiran, nyaeta wawangsalan, paparikan jeung rarakitan. Dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Sedengkeun dina sapada paparkan jeung rarakitan aya opat padalisan. Dina sapadalisan sisindiran biasana aya dalapan engang. Dina sisindiran aya bagian anu disebut cangkang atawa sampiran jeung aya bagian anu disebut eusi.
Dina wawangsalan, padalisan kahiji mangrupa cangkang, padalisan kadua mangrupa eusi. Sedengkeun dina paparikan jeung rarakitan, padalisan kahiji jeung padalisan kadua mangrupa cangkang, padalisan katilu jeung padalisan kaopat mangrupa eusi. Di handap ieu nyaeta conto wawangsalan anu wangsalna Bahasa Sunda, Bahasa Jawa, jeung Bekasi :
a. Wangsalna Bahasa Sunda
Basana urang Ciamis
sing bisa ngajaga banda (wangsalna bahasa Sunda)
b. Wangsalna Bahasa Jawa
Basana urang Semarang
jadi jalma sing wibaWA (wangsalna bahasa Jawa)
c. Wangsalna Bekasi
Kota di wetan Jakarta
hidep ulah loba aksi (wangsalna bekasi)