Naon bedana kawih sabilulungan jeung kawih mojang priangan
B. Daerah
AlisonCeda
Pertanyaan
Naon bedana kawih sabilulungan jeung kawih mojang priangan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kawih nyaeta lalaguan Sunda bebas anu teu kaiket ku aturan. Salian ti mangrupakeun lalaguan Sunda bebas, kawih oge mangrupakeun karya sastra wangun puisi. Kawih mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan saperti nu aya dina pupuh. Aturan anu aya dina pupuh sok disebut guru lagu jeung guru wilangan. Jadi, kawih nyaeta lalguan Sunda bebas wangun puisi anu teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan.
Sanajan kawih teu kaiket ku guru lagu jeung guru wilangan, kawih tetep mangrupakeun hiji karya seni anu ngabogaan unsur seni sastra jeung seni musik. Unsur-unsur nu aya dina seni satra nyaeta saperti tema, rasa, nada jeung amanat. Sedengkeun unsur nu aya dina seni musik, nyaeta unsur seni musik anu umum. Unsur seni musik anu khusus anu aya dina lalaguan Sunda nyaeta unsur anu aya hubunganana jeung tangga nada anu digunakeun.
Dina kawih atawa lalaguan Sunda, dikenal dua tangga nada. Dua tangga anu dimaksud nyaeta tangga nada pentatonis jeung tangga nada diatonis. Tangga nada pentatonis nyaeta tangga nada anu ngabogaan 5 tangga nada (da, mi, na, ti, la). Sedengkeun tangga nada diatonis nyaeta tangga nada anu ngabogaan 7 tangga nada (do, re, mi, fa, so, la, si).
Kawih sabilulungan nyaeta kawih anu ngagunakeun tangga nada pentatonis atawa 5 tangga nada (da, mi, na, ti, la). Sedengkeun lagu Mojang Priangan nyaeta kawih anu ngagunakeun tangga nada diatonis atawa 7 tangga nada (do, re, mi, fa, so, la, si).