B. Daerah

Pertanyaan

Kawih di wangun ku dua unsur seni,nyaeta....

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Kawih

    Kelas : VIII (2 SMP)

    Pembahasan :


    Kawih diwangun ku dua unsur seni, nyaeta unsur seni musik jeung seni sastra. Kawih mangrupa salahsahiji lalaguan Sunda. Aya sawatara rupa lalaguan Sunda nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Saperti oge kawih, kakawihan jeung tembang oge diwangun ku dua unsur seni nyaeta seni musik jeung seni sastra.


    Ditilik tina seni musik, nyaeta tina tangga nada anu digunakeun, kawih jeung kakawihan biasana ngagunakeun tangga nada pentatonik atawa diatonik. Sedengkeun tembang biasana ngagunakeun tangga nada pentatonik, tapi kiwari mah aya oge tembang anu ngagunakeun tangga nada diatonik.


    Sedengkeun umpama ditilik tina seni sastra, kawih jeung kakawihan teh mangrupa karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi anu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupa karya sastra dina wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta kaiket ku aturan pupuh.


    Umpama dibandingkeun, kawih teh siga sajak, nyaeta wangun puisi anu henteu kaiket ku aturan. Dina munggaran munculna, sajak kungsi disebut "sajak bebas". Kitu oge kawih, kawih sok disebut lalaguan Sunda bebas. Kawih jeung sajak henteu siga tembang anu kaiket ku aturan, saperti aturan guru wilangan jeung guru lagu, oge aturan watek.


    Sanajan kawih jeung sajak teh mangrupa wangun puisi nu teu kaiket ku aturan saperti guru wilangan, guru lagu jeung watek, dina kawih jeung sajak aya sawatara unsur anu bisa digunakeun pikeun nilik atawa nganalisa eusi kawih atawa sajak. Unsur-unsur nu aya dina kawih jeung sajak nyaeta unsur-unsur tema, nada jeung suasana, rasa sarta amanat.

Pertanyaan Lainnya