B. Daerah

Pertanyaan

naon wae unsur - unsur wayang

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Carita Wayang
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Carita wayang mangrupa karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa nyaeta prosa buhun jeung prosa modern atawa prosa anyar. Conto karya sastra dina wangun prosa buhun nyaeta carita wayang jeung dongeng. Sedengkeun conto karya sastra dina wangun prosa modern nyaeta novel jeung carita pondok atawa carpon.

    Unsur-unsur anu aya dina carita wayang nyaeta sarua saperti unsur-unsur anu aya dina wangun prosa lianna, nyaeta unsur intrinsik jeung unsur ekstrinsik. Unsur intrinsik anu aya dina carita wayang nyaeta tema, latar, galur, tokoh, watak tokoh, amanat, sudut pandang jeung gaya basa. Dihandap ieu dijentrekeun unsur intrinsik anu aya dina carita wayang :

    1. Unsur tema, nyaeta gagasan, pikiran atawa ide utama anu jadi dasar eusi carita nu aya dina carita wayang. Tema mangrupa jiwa ti sakabeh bagian carita nu aya dina carita wayang.

    2. Unsur latar, nyaeta sagala pitunjuk atawa katerangan anu aya kaitanana jeung waktu, suasana, ruang, jeung situasi kajadian hiji peristiwa nua aya dina carita wayang. Aya tilu unsur anu dianggap poko nu aya dina latar, nyaeta latar waktu, latar tempat, jeung latar suasana.

    3. Unsur galur, nyaeta runtuyan carita anu diwangun ku tahapan-tahapan kajadian anu aya nepi ka ngabentuk hiji carita dina carita wayang.

    4. Unsur tokoh, nyaeta jalma-jalma nu dicaritakeun jeung loba mawa peran dina hiji carita wayang.

    5. Unsur watak tokoh, nyaeta unsur anu ngagambarkeun karakter atawa watak tokoh nu bisa ditilik tina tilu segi nyaeta : dialog tokoh, penjelasan tokoh sarta penggambaran fisik tokoh.

    6. Unsur amanat, nyaeta pasualan, perkara, pesan atawa nasehat anu rek ditepikeun ku pangarang liwat carita wayang.

    7. Unsur sudut pandang, nyaeta hiji cara mandang dina ngahadirkeun tokoh-tokoh nu aya dina carita wayang ku nempatkan posisi diri pangarang dina hiji posisi anu ditangtukeun.

    8. Unsur gaya basa, nyaeta hiji teknik dina ngolah basa anu dilakukeun ku pangarang dina raraga ngahasilkeun carita wayang anu hirup jeung endah.

    Sedengkeun unsur-unsur ekstrinsik nu aya dina carita wayang nyaeta unsur-unsur ti luar anu mangaruhan kana eusi carita nu aya dina hiji carita wayang. Unsur ekstrinsik nu mangaruhan eusi carita nu aya dina carita wayang nyaeta saperti nilai budaya, sosial, politik, adat istiadat, jeung agama.

Pertanyaan Lainnya