Karasana keur sakarat Nyeurina kaliwat liwat Kana ibadah diliwat Tara ngalakukeun sholat analisis purwakanti jeung jumlah engang pupujian di luhur!
B. Daerah
Maximhunterz
Pertanyaan
"Karasana keur sakarat
Nyeurina kaliwat liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun sholat"
analisis purwakanti jeung jumlah engang pupujian di luhur!
Nyeurina kaliwat liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun sholat"
analisis purwakanti jeung jumlah engang pupujian di luhur!
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pupujian
Kelas : VII (1 SMP)
Pembahasan :
Pupujian mangrupa salahsahiji karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Dina puisi, purwakanti mangrupa bagian nu aya dina unsur rumpaka puisi nu bisa ngawangun rumpaka puisi jadi merenah tur endah. Aya dua rupa purwakati nyaeta purwakanti rantayan jeung purwakanti runtuyan.
Purwakanti rantayan nyaeta purwakanti antar kecap-kecap anu ngarantay dina unggal padalisan. Sedengkeun purwakanti runtuyan nyaeta purwakanti antar kecap anu ngaruntuy antar kecap anu aya dina antar padalisan. Jumlah engang jeung purwakanti runtuyan sok disebut oge guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan jeung guru lagu pupujian di luhur nyaeta (8a, 8a, 8a, 8a).
"Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat liwat
Kana ibadah diliwat
Tara ngalakukeun sholat"
Sedengkeun analisis purwakanti rantayan nyaeta analisis purwakanti dina unggal padalisan, nyaeta kecap karasana murwakanti jeung kecap sakarat, kecap nyerina murwakanti jeung kecap kaliwat-liwat, kecap kana murwakati jeung kecap ibadah sarta kecap diliwat, kecap tara murwakanti jeung kecap sholat.
Umpama ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi Sunda anu eusina mangrupa carita jeung puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita. Pupujian mangrupa puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita.
Conto puisi Sunda lianna anu henteu mangrupa carita, salian ti pupujian, nyaeta saperti sajak, sisindiran guguritan, mantra jeung kawih. Sedengkeun conto puisi Sunda nu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun.