Eling eling dulur kabeh Eling eling dulur kabeh Ibadah ulah cempoleh Beurang peuting ulah weleh Bisina kaburu paeh Sabab urang bakal mati Nyawa di pundut ku gus
Pertanyaan
Eling eling dulur kabeh
Ibadah ulah cempoleh
Beurang peuting ulah weleh
Bisina kaburu paeh
Sabab urang bakal mati
Nyawa di pundut ku gusti
Najan raja nyarkawati
Teu bisa nyingkiran pati
Karasana keur sakarat
Nyerina kaliwat liwat
Kana ibadah di liwat
Tara ngalakukeun salat
Kaduhung kaliwat langkung
Tara nyembah ka yang agung
Sakarat nyeri kalangkung
Jasadna teu maunang embung
Naon hartina nyerik kaliwat liwat ?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dumasar kana pupujian pepeling di luhur, hartina nyerina kaliwat liwat nyaeta nyerina nyeri pisan atawa nyerina kabina bina, maksudna lamun kana ibadah sok diliwat bae, nyaeta saperti tara ngalakukeun salat, bakal karasana teh engke dina waktu keur sakarat anu nyerina kaliwat-liwat. Kusabab kitu, ibadah teh ulah cempoleh, beurang peuting teh ulah nepi ka weleh sabab bisi kaburu paeh.
Pembahasan
Ditilik tina rumpakana, pupujian teh kaasup oge kana karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Pupujian teh eusina salian ti ngadua, ngagungkeun ka Allah jeung shalawat ka Nabi Muhammad SAW, jeung mangrupa pangajaran agama Islam, oge eusina mangrupa pepeling pikeun ka urang sarerea, saperti pupujian anu di luhur. Kusabab pupujian teh kaasup oge kana wangun puisi, pupujian rek siga sajak, guguritan, sisindiran jeung sajabana ti eta.
Ditilik tina wangun eusina, aya puisi Sunda nu eusina mangrupa carita jeung aya oge puisi Sunda nu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda nu eusina mangrupa carita nyaeta saperti wawacan jeung carita pantun. Sedengkeun conto puisi Sunda nu eusina henteu mangrupa carita nyaeta saperti pupujian, sajak, guguritan, sisindiran jeung mantra.
Pupujian mah mangrupa wangun puisi anu henteu pati kaiket ku aturan, saperti oge sajak. Sedengkeun wawacan jeung guguritan mangrupa wangun puisi nu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Aturan nu aya dina pupuh nyaeta guru wilangan jeung guru lagu. Nu dimaksud yen pupujian teh teu kaiket ku aturan nyaeta pupujian teu kaiket ku guru wilangan jeung guru lagu.
Pelajari lebih lanjut
- Naon anu dimaksud pupujian teh https://brainly.co.id/tugas/12851857
- Conto judul pupujian https://brainly.co.id/tugas/6236234
- Bedana pupujian jeung sajak https://brainly.co.id/tugas/14375844
__________
Detil Jawaban
Kelas : VII
Mapel : Bahasa Sunda - Pupujian
Bab : 7
Kode : 7.13.7
Kata Kunci : Hartina nyerina kaliwat liwat