B. Daerah

Pertanyaan

hartina mojang lenjang, hideng santen, srangenge, dipepende, ngempur, jungjungan, puput umur, kurebkeun, pangkonan.

1 Jawaban

  • Harti anu singget tina unggal kecap : Mojang lenjang hartina mojang anu jangkung. Hideung santen hartina semu hideung, beresih jeung mulus, atawa lamun dina basa Indonesiana mah disebutna "hitam manis". Sarangenge atawa srangenge hartina panonpoe. Dipepende hartina diusapan sirahna supaya gancang sare atawa dokelonan. Ngempur teh hartina cahayaan. Jungjunan teh hartina dunungan, majikan atawa tuan. Puput umur teh hartina maot. Kurebkeun hartina kuburkeun. Pangkonan hartina pangkuan.

    Sabenerna eta kecap-kecap nu disebutkeun di luhur teh mangrupakeun kecap-kecap nu disebutkeun dina hiji sajak anu judulna Priangan. Eta kecap-kecap anu di luhur teh mangrupakeun harti atawa tarjamahan anu singget tina unggal kecap nu ditanyakeun.

    Kulantaran eta unggal kecap teh mangrupakeun kecap anu aya dina hiji sajak anu judulna Priangan, umpama unggal kecap eta dihubungkeun jeung sajakna, tangtu bakal leuwih kaciri naon nu dimaksud dina unggal kecap eta. Di handap ieu nyaeta harti sacara lengkap tina unggal kecap umpama dihubungkeun jeung nu dimaksud ku sajakna :

    1. Mojang lenjang, maksudna yen kaendahan tanah Priangan teh diibaratkeun saperti geulisna mojang anu jangkung atawa mojang anu lenjang.
    2. Hideung santen, maksudna endahna tanah Priangan teh diibaratkeun saperti mojang lenjang anu hideung santen, atawa mojang jangkung anu semu hideung, beresih jeung mulus atawa dina basa Indonesia mah sok disebut oge hitam manis.
    3. Sarangenge, maksudna yen alam di tanah Priangan teh unggal poena disinaran ku srangenge atawa panonpoe.
    4. Dipepende, maksudna umpama ti peuting tanah Priangan teh dikelonan atawa dipepende ku cahaya bulan.
    5. Ngempur, maksudna umpama ti peuting tanah Priangan teh dikelonan atawa dipepende ku bulan ngempur atawa ku cahaya bulan.
    6. Jungjunan, maksudna saking mikacinta ka eta tanah Priangan teh, anu nyieun ieu sajak teh nepi ka nyebut jungjunan anu hartina teh saura jeung kabogoh ka tanah Priangan.
    7. Puput umur hartina teh maot.
    8. Kurebkeun hartina teh kuburkeun.
    9. Pangkonan, maksudna yen saumpama nu nyieun sajak ieu engke puput umur atawa maot, hayang dikuburkeun atawa dikurebkeun dina pangkonan, pangkonan teh maksudna tanah Priangan.

Pertanyaan Lainnya