Naon Hartina paribahasa Jati Kasilih Ku Junti .. tolong dijawab yaa
B. Daerah
Sahara228
Pertanyaan
Naon Hartina paribahasa "Jati Kasilih Ku Junti" .. tolong dijawab yaa
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Kelas : - (SD)
Pembahasan :
Harti tina paribasa Sunda "jati kasilih ku junti" nyaeta "anu hade kasilih ku anu goreng" atawa "pribumi kasingkirkeun ku semah". Dina sababaraha paribasa Sunda sok aya paribasa anu kecap-kecapna miboga purwakanti atawa murwakanti. Purwakanti nyaeta padeukeutna sora antara kecap-kecap anu aya dina hiji kekecapan atawa kalimah. Seperti kecap "jati" anu murwakanti atawa miboga purwakanti jeung kecap "kasilih" sarta kecap "junti".
Conto paribasa Sunda lianna anu murwakanti saperti paribasa "jati kasilih ku junti" nyaeta saperti paribasa "ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak" anu hartina "hirup babarengan sauyunan". Aya oge paribasa "mipit kudu amit ngala kudu menta" anu hartina "kudu bebeja heula ka nu boga". Tapi henteu kabeh paribasa kecap-kecapna murwakanti, saperti paribasa "cul dogdog tinggal igel" kecap-kecapna henteu murwakanti.